Saturday 7 February 2015

Adol Ngomongkeun LDR

Aku teh barusan habis ngadangukeun curhatan si adol tentang LDR an di dieu :https://soundcloud.com/comicsunda/comicsunda-ngomongkeun-ldr  
Ya udah aku tulis lagi kata-katanya seperti biasa, lumayan buat minuhan postingan blog. Da aku mah apa atuh, aya blog ge sepi wae, bari postingan na saeutik :(
Sok nya regepkeun sing khusu, aku juga dengernya nepi ka ceurik balilihan tadi teh.

~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~000~~~~~~~~~~~~~~~~~

LDR, atau long distance rela*teuing si adol ngmong naon*ship, atau basa indonesianya hubungan jarak jauh, atau basa arabnya *aya nu ngomong make basa arab*, atau basa spanyolnya *aya nu ngomong make basa spanyol*, atau basa jepangnya *aya nu ngomong make basa jepang*, atau basa sundanya, “Geus nenangan nu deukeut gob**g siga nu euweuh deui”, adalah hubungan yang membuat rindu semakin menggebu. Tapi jelema nu LDR an, nyaeta jelema anu dikuatkeun hatena, diteguhkeun pendiriannana, jeung ditarima iman islam na. *aya lagu “amin... amin... amin…”*

LDR an ituh, teu sagampang manaskeun motor, kadang jenuh, kadang curiga, kadang pesimis ka hubungannana, bisa kuat atawa henteu ngajalananananana… ngajalanannana… Selain butuh sabar, LDR oge butuh saling percaya, butuh duit oge sih, soalna rindu itu berat men. Kita butuh lebih banyak enerji, nahan rindu, teu bisa katahan ku sangu sapiring. Komo mun deungeunna bari jeung kurupuk hungkul mah. Komo deui nahan rinduna bari dicarekan ku si mamah pedah lomari baju awut-awutan eusina. Urang apal. Pasti beurat pisan.


LDR ituh, harus diuji kesabarannya, harus lebih sabar dari tukang cuanki nu nungguan mangkok, harus lebih sabar dari pelangi yang menunggu hujan reda di ujung senja, harus lebih sabar dari si hachi yang mencari ibunya. Kalian tau ga? Si hachi? Yang lagunya teh kaya gini nih, *der aya lagu si hachi anak yang sebatang kara*.

Nah… jadi si hachi teh lebah sebatang kara, dia teh sok dijahatan pas berpetualang mencari ibunya, semua caritanya teh pikasediheun, siah, asli. Aku ge nepikeun ka ceurik ka si mamah, nepikeun ka menta dipangmeulikeun tamiya biar repeh gara gara nonton si hachi eta teh. Na ieu teh jol ngomongkeun si hachi.

Cenah mah LDR adalah jomblo anu dihaluskeun kalimatna, padahal mah sih beda. LDR nya LDR, jomblo nya jomblo. Meskipun… sarua sih LDR an sering ngarasa sepi, malam mingguan teu bisa bareng, teu bisa dahar bareng, teu bisa balanja bareng, mun gering ewuweuh nu ngalongok, teu bisa diajak ulin ka imah, naha ieu asa sarua kabeh ciri-ciri LDR jeung jomblo teh. Ah pokona beda weh LDR jeung jomblo mah, percaya weh ka urang ameh dituluykeun ieu caritana.

LDR an mah lain hubungan anu hina, malah ngajauhkeun urang ti hal-hal anu dilarang ku bu mega, nya contona patincak-tincak sirah, pausap-usap beuheung make arit, pacolok-colok panon, pokona LDR an mah barokah, dan lebih mendekatkan diri kepada lagu-lagu ridho roma. *der aya lagu ridho roma datanglah*

Nah buat kalian yang lagi LDR an, keep strong weh bro. Kuncinya hanya saling percaya dan menjaga komitmen awal kalian, intens komunikasi tapi ulah kaleuwihan teuing, bisi bakal gancang ngarasa jenuh. Atur atur weh lah da ngeus garede ieuh. Buat kalian yang punya gebetan jauh tapi masih ragu buat ngejalanin LDR an, cobaan weh heula, mun teu bisa mah batalkeun weh. Omat batalkeun, beda jeung diputuskeun. Mun dibatalkeun mah si eta lain kaasup mantan maneh.

Buat kalian yang pernah LDR an tapi gagal, ya udah we bae, asal ulah gagal ginjal. Dan buat kalian yang jomblo, teu boga gebetan, teu boga duit, loba hutang, paket bb harian, eta oge paket gaul, bari jeung nyekilan unggal poe tapi teu hasil hasil, ah teuing lah. Pokona tips ti urang mah sih, sare we nepi ka malem takbir sugan we meunang hidayah. *der aya lagu “amin… amin… amin…”* Dan terakhir buat kalian yang LDR an, ada pepatah mengatakan, “LDR itu terpisah, tapi bukan untuk berpisah”.


No comments:

Post a Comment

Gomawo~